Kaulinan Barudak Sunda


1. Anjang-anjangan
Kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung,   
pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.
2. Bébénténgan
Kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb.
3. Béklen 
Kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras.
4. Boy-boyan
Kaulinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog 
5. Talawéngkar
Nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog. 
6. Congklak 
Kaulinan maké papan kai dieusi kewuk.
7. Cacaburangé 
Kaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi ucing.
8. Cingciripit 
Kaulinan bari kakawihan.
9. Damdaman 
Kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang. 
10. Endog-endogan 
Kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih. 
11. Empét-empétan 
Kaulinan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami. 
12. Encrak 
Kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.) 
13. Engklé 
Kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun 
14. Galah asin 
Kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan. 
15. Gatrik 
Kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé. 
16. Gugunungan 
Kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul. 
17. Hahayaman 
Kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain jadi careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager.
18. Jajangkungan 
Kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan. Disebut ogé égrang
19. Luncat tali 
Kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun. 
20. Oray-orayan 
Kaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor. 
21. Paciwit-ciwit lutung
Kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih 
22. Pérépét jéngkol 
Kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas. 
23. Pelak cau
Kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas. 
24. Sérmen
Kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh. 
25. Sondah 
Kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak. 
26. Sorodot gaplok 
Ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun 
27. Ucing-ucingan 
Kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.
28. ucing sumput
Kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.